slogan leutika prio

INDIGO

Penulis: Inda Nugraha Hidayat, Kategori: Kumpulan Cerpen
INDIGO
Zoom
ISBN: 978-602-225-917-6
Terbit: September 2014
Halaman : 138, BW : 138, Warna : 0
Harga: Rp. 48.500,00
Deskripsi:
Inda Nugraha Hidayat, geus moal aya nu bireuk deui pikeun para fikminer katut pamacana di lapak FBS mah. Fikmin-fikminna teu weleh matak pogot macana. Dina ngolah jejerna, tokoh-tokohna,ngolah basana, ngarugal-rigel plotna, estu dumasar kana tinimbangan nu enya-enya daria. 
(Godi Suwarna, Sastrawan, Kuncén FBS) 

Ambahan fikmin Inda lega pisan. Rupa-rupa jejer kalayan tapis diolah jadi karya fikmin nu matak pogot macana. Sakapeung bangun hayang humariring dina kedaling tresna nu dimomotan rupaning harti rangkepan, sakapeung fikminna midangkeun carita-carita nu saliwat asa basajan, tapi ana diteuleuman, bet karasa éndahna, da puguh Inda 'cumarita' jeung rasa tur pakakas basana kaitung pepek. Enya, da lian ti ngarang fikmin, Inda gé panyajak. Mindeng karasa dina fikminna, akeulan kalimahna mibanda musikalitas nu matak genah macana, plastis, tur dina takeran nu pas. Teu matak giung. Kalan-kalan deuih muncul fikminna nu leuwih karasa spontan. Plotna jalingeur, midangkeun adegan nu matak kéom, tapi ogé 'aya eusian'. Humor nu nyamuni, temahna lain wungkul matak kapiasem, tapi ogé mekelan 'pikiraneun' pikeun nu maca.
(Nazarudin Azhar, Sastrawan, Nu Ngadegkeun Lapak FBS) 

Dina tradisi kasastraan, Garut tara towong ngalahirkeun pangarang ti generasi ka generasi. Munculna Inda Nugraha Hidayat nu leukeun ngarang sajak jeung fikmin, nandakeun éta tradisi tuluy lumangsung. Papadaning kitu, Inda tuluy kudu galungan jeung waktu nepi ka kapangaranganana enya-enya kauji jeung diaku ku balaréa. 
(Darpan, Sastrawan)

Download contoh buku: Download

Dilihat: 3078 kali.
Beli:   


Share |


Produk Sejenis

  • 7 (Tujuh)
  • Pulang ke Kotamu
  • Anomali
  • Uri Iyagi
  • CERITA DARI BUKIT CINTA



Review

Belum ada review

Kirim Review

Nama:


E-Mail:


Review Anda:

Karakter: 



 

Leutika Leutika